Category Archives: kasundaan

punten …..

teu acan aya idea …
he … he ….

fisika …

Geulis ….
Mimiti ningali kalangkang anjeun ragrag dina Fokus hate kuring
Nyata, lempeng, digedean ku kakuatan Lensa maksimum
Siga tetes minyak ragrag di Ruang Hampa
Ngalayang bebas ti Gaya Gravitasi
Cinta kuring ka anjeun leuwih gede tibatan Bilangan Avogadro ..

Archimides jeung Newon moal ngarti
Medan magnet anu nga-Induksi diantara urang
Enstein jeung Edison moal sanggup nyieun rumus E = mc2
Ah .. moal sabanding jeung Momen cinta kuring

Sanajan jarak urang siga panonpoe jeung Pluto basa Aphelium
Amplitudo gelombang hate anjeun nga-Interferensi hate kuring
Saendah Gerak Harmonik Sempurna teu kapangaruhan ku Gaya Pemulih
Siga kopel gaya kalayan Kecepatan Angular anu Tanpa Wates

Energi mekanik cinta kuring teu kapangaruhan ku Friksi
Energi potensial cinta kuring teu kapangaruhan ku Tetapan Gaya
Energi kinetik cinta kuring = mv~
Malah mah Hukum Kekekalan Energi moal mampu nandingan Hukum Kekekalan diantara urang duaan

Geulis …
Geura tingali hukum cinta urang duaan
Momen cinta kuring tegak lurus momen cinta anjeun
Ngajadikeun matriks anu simetri
Ngajadikeun cinta urang lir ibarat Titik Equilibrium anu sampurna
Ditambah Inersia anu tanpa wates
Moal kagedag ku impuls atawa momentum gaya
Tah ieu Resultan Momentum Cinta urang

naha ….

naha nya …..
ari nu geus kolot ku resep-resep teuing nyalahkeun ka nu budak
mun nu kolot keur sibuk
nu budak oge kudu milu sibuk
tapi ….
ari nu budak teu ngarti
nu kolot malah nyalahkeun
lain mere bongbolongan
teuing ah …
teu ngalalarti …
dipikiran malah jadi gering
mending oge dahar pempek
ngan aduh hanjakal
pempekna oge euweuh

senman apato

teetttt ……
sora bel geus disada deui
geuningan pa erte
bari mamawa tagihan gas
rarasaan mah geus apply
sangkan mayar potong rekening

ting tong ting tong
geuningan geus jam dua belas
geus waktuna sare
isukan mimiti deui poe anyar

ah ….
rarasaan can aya gawe nu puguh
asa can merenah lampah naon nu kudu digawekeun
raishu kara nihon go class teh ….
gambarimashou ….

kenkyu wa ima wakarimasen

sabishii ..

poe ieu oom iponk mulang ka sarakan
lulus banglus ti nogakubu
sabishii ….

tunggara ….

Poe ieu kacida sedihna
Karasa cipanon teh taya saatna
Kasedih hese pisan leungitna

Hayang pisan balik deui ka lembur
Ka tempat anu loba baraya
Ka tempat jalma-jalma anu kacida micinta jeung dipikacinta

Di dieu …
Kuring nyorangan
Cuang cieung euweuh batur pakumaha

Nun Gusti
kuring hayang dibere kakuatan
Sangkan mampu nampa kaayaan ieu

Sangkan tegar nyanghareupan sagala masalah hirup

Pudu raya

asa rada sesah bade nyerat dina sajak teh … ieu rek ngaguluyur bae sakainget jeung sakadaek bari nungguan beus ka Johor …

timana mimitina nya ….. tadi isuk-isuk jam 8.15 masih keneh di gifu eki, bari jeung teu puguh rarasaan, da jam 8.40 geus waktuna kumpul di nagoya kuuko, padahal perlu waktu sajam ti gifu eki ka nagoya kuuko teh.

jadina asa lucu, bolak balik menta tulung meneer evri nganteur ka nagoya teh. memang meneerna oge deuih anu teu puguh, mimitina enya cenah rek dianteurkeun nepi ka nagoya, bet peuting-peuting mulang ti jusco teu jadi cenah, nepi ka gifu eki bae …..

pondokna carita geus nepi ka nagoya … eh urang malaysia malah leuwih telat deui datang jam 10 tapi masih keneh bisa boarding ….

ayeuna keur ngahuleng di pudu raya …

osu kanon

hujan ngaririncik ti peuting mula
hawa tiris ilang tanpa raratan
kaelehkeun ku simbut listrik jeung dambo
aya ku genah nyalse di kaikan
pabeubeurang ngadadak cangra
tenki yohou poe ieu teu nyalahan

chikatetsu ka fushimi kacida pinuhna
ras ka anjeun Geulis
basa urang mapay-mapay ieu jalan
dibarengan ku hujan ngaririncik
payung leutik ngajadi saksi
osu otera aya ku endah
teu siga poe ieu meuleukmeuk hideung

basa jeung anjeun Geulis

naek futsu densha aya ku genah

hate noroweco ku kabageuran ieu kareta

unggal eki eureun haat ngajakan kanu rek milu

poe ieu jadi kareta pikasebeleun

@lante 7 nagoya eki, 18.20. 16-02-29

sabishi ne ….

haru yasumi kitu ?

na lab aya ku sepi kieu

asa di kuburan …

tanggal 6 hb march asa ku heubeul

jadi ras inget ka lagu krisdayanti

menghitung hari … detik demi detik …

@infras, 21.00, 16 – 02 – 27

owarimasita

bulan rek anjog ka tungtung

kahemeng, kaheran, kabingung can manggih jawaban

nitih wanci balik ka sarakan

mulih ka jati mulang ka asal

asa panjang lalakon hirup bareng jeung anjeun

teuing sabaraha buku lamun kudu dituliskeun

teuing sabaraha album lamun dijieun photo

geus ninggang mangsana

urang teundeun di handeuleum sieum

sugan jeung sugan jaga bisa pinanggih deui

@tosokan, 16-02-19