Category Archives: kasundaan

Di tungtung mangsa

teuing iraha mimiti

aya rasa nu nyaliara dina dada

hanjakal moal lana

ngan saukur saliwatan

di tungtung mangsa

mangsa anjeun nyiar elmu

Poe ieu saminggu katukang

Poe ieu saminggu katukang …

Rebun-rebun nu ngaku ki sobat geus anjog

Mawa pisang sale dua kantong, teuing kueh nanahaon sakantong

Cenah mah keur oleh-oleh

Continue reading

Pasanggiri Tarucing Cakra

Hususon ka urang sunda dimana bae ayana, kanu resep ngeusian TTS, dihaturanan kanggo ngiringan Pasanggiri Tarucing Cakra …

Kantun longok sareng daftar di dieu … http://tarucing.ppss.or.id/ 

Kuncen Wikipedia Basa Sunda

Sebenarnya sudah lama berkecimpung dalam Wikipedia berbahasa sunda (http://su.wikipedia.org/wiki/Tepas), hanya baru tanggal 22 Januari 2008 kemarin resmi jadi kuncen. Tulisan pertama saya adalah Analisa Regresi, tanggal 20 Juli 2004, yang merupakan terjemahan dari Bahasa Inggris. Tulisan ini belum selesai sampai sekarang, *smile.

Kumincir alias kang kandar ngajak bergabung di wikipedia ini, hanya kadang waktu yang susah diatur. Ada kalanya, bisa menulis banyak (lebih tepatnya menterjemahkan), tapi ada kalanya dalam 4 bulan tidak ada tulisan saya. Karena itu, sewaktu dia meminta saya untuk jadi kuncen rasanya belum sreg. Adalah kang Setiadi yang mengusulkan saya jadi kuncen dan pada akhirnya didukung oleh kang Iwan dan kang Asep.

Terima kasih buat semua, semoga saya masih terus memiliki keluangan waktu untuk terus berkontribusi.

Lutung kasarung

tadina mah, boga kahayang midangkeun lutung kasarung tina naskah nu dikintunkeun ku kang Oman (Mama Manar). hanjakal teu aya balad urang bandungna, nya kumaha deui dina raraga festival indonesia nu temana budaya sunda, midangkeun lutung kasarung versi kabaret.

hatur lumayan, sabagean tiasa ditoong di dieu ..  (kengingna bapak yusuf arif setiawan, pemeran lutung sareng guruminda)

beijing

nyobian wungkul …
kelah mun aya ideu …

samperu saizu

tuing …..
geuningan kurva rada garinjul
siga jalan di pilemburan nu teu kaurus
loba logak siga paragi munding ngojay

hmmm ….
naon atuh anu kurang
sihoreng simana horeng
samperu saizu

turiling …..
monte carlo dilumpatkeun deui
jang seed rada gagaleongan
geuningan perlu hypothesis testing

bleg ….
kurva geus alus
lir tali meunang ngarautan
kiwari tinggal tret nulis

beu …
can aya ide

teu aya judulna oge

geus lila teu nulis di blog
rarasaan teh panalungtikan teu beres-beres
sugan ka hareup bisa rada nyalse

cag

ngahariring ..

duraring durang durarung

neangan jajaka ganteng

geus meunang saminggu
unggal poe ngan ulukutek jeung cep dirichlet oge jang neuman
teuing mana anu leuwih kasep
da ceuk rarasaan
ayeuna mah sarua bae

can kapanggih kumaha rindatna
saha nu bakal bogoheun ka neng Akaike
boa-boa neuman rek bogoh ka kriging
atawa dirichlet anu bogoheun …

poe ieu keur ngimpleng
jebul deui jalma nu datang
lain kolor hejo sanajan ngaranna oge Green
sugan jeung sugan ieu mah

cukang lantaran nu bakal ngajodokeun
mojang jeung jajaka anu keur bararingung