Poe ieu saminggu katukang …
Rebun-rebun nu ngaku ki sobat geus anjog
Mawa pisang sale dua kantong, teuing kueh nanahaon sakantong
Cenah mah keur oleh-oleh
Poe ieu saminggu katukang ….
Nu ngaku ki sobat lumengis cumarita
Cenah mah keur katunggaraan
Lieuk euweuh ragap teu aya
Jadol teh …
Isukna banda kuring milu euweuh
Nu aya oge bro dibere
Sugan jeung sugan matak ngurangan tunggara
Jadol teh ..
Nepi ka panceg saminggu
Taya beja teu carita
Teu hawar hawar acan dimana ki sobat ayana …
Boa-boa ….
Ampun paralun Gusti ….
Mugi Gusti Nu Maha Welas tur Asih nembrakeun saujratna
0 responses so far ↓
There are no comments yet...Kick things off by filling out the form below.